Assalamu’alaikum
warohmatullohi wabarokaatuh
Ahlan
wasahlan wilujeng sumping dina blog basajan ieu. Tepangkeun wasta simkuring
Hilmanuddin pituin urang sunda asli Singaparna Tasikmalaya. Alhamdulillah dina
danget ieu simkuring tiasa ngebrehkeun sakeprul sabeunyeureun sasieureun uraian
nu patali jeung masalah kaagamaan. Sok sanaos simkuring tacan ngalaut elmuna
saking seueurna eta elmu tacan kauyup ku simkuring sadayana. Mung dumasar kana
hadits Rosululloh: “ballighuu ‘annii walau aayah”, simkuring ngagaduhan niatan
oge tekad kanggo ngamalkeun eta hadits, supados teu kalebet jalmi anu ngecul
kajeunkeun kana amanah ti Rosululloh. Oge dumasar kana hadits Rosululloh
“al-qur’anu hujjatun laka au ‘alaika”,
simkuring ngaraos kagungan amanah tina elmu pamasihan ti Alloh supados
ditepikeun sareng ditepakeun ka papada manusa sangkan teu janten mamala eta
elmu di akherat jaga.
Kumargi
kitu ka sadaya baraya anu parantos nganjang dina blog simkuring mangga dileueut
sadaya artikelna, pamugi janten pepeling diri paniis ati sangkan tiasa
ningkatkeun kaimanan oge kataqwaan kanu maha kawasa.
Hatur
nuhun sateuacana oge neda dihapunten bilih aya kecap nu teu merenah kana manah
atanapi nyeredet kana hate mugia dihapunten kalayan luntur manah ridho galih
estuning clik putih clak herang caang bulan opat welas jalan gede sasapuan teu
geuneuk teu maleukmeuk balungbang timur narawangan.
Wassalamu’alaikum
warohmatullohi wabarokaatuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar