Senin, 01 Juni 2015

Katineung


Sariak layung narembongan
eyeub ku rasa hariwang
nyorang endahna panutup beurang
emut ka anjeun
Nu ngangkleung na panineungan

inggis ku bisi sieun ku sugan
nempo ka masa endah katukang
lana anjeun teu patepang deui
Geura sumping geura nyampeuran

sono teu weleh ngadodoho
ieu hate teu bisa dibangbalerkeun

najan lana kuring nunggu
najan jauh tetep mibanda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar